Percakapan Bahasa Sunda: Jalan-jalan di Bandung




Salah satu cara untuk mempraktikkan bahasa Sunda supaya cepat bisa adalah ketika Anda wisata di Bandung. Anda bisa mengingat kosakata bahasa Sunda dengan menghubungkan pada objek atau perilaku yang Anda temui. Misalnya, jika suatu waktu Anda jalan-jalan dengan diantar guide lokal untuk mengelilingi Kota Bandung. Praktik percakapan ini menggunakan bahasa Sunda lemes (halus). Untuk lebih menunjang kosakata bahasa Sunda, Anda bisa membawa kamus bahasa Sunda.

 A: "Punten, tiasa ngabantos abdi?"
(Permisi, bisa bantu saya?)

B: "Mangga Pa. Peryogi dianteur kamana?"
(Silakan Pak. Perlu diantar kemana?)

A: "Ah, urang ngurilingan Bandung wé yuk!"
(Ah, keliling-keliling Bandung saja yu!)

B: "Hayu. Badé nganggo motor atanapi mobil?"
(Ayo. Mau pakai motor atau mobil?)

A: "Urang kana mobil wé. Kaleresan ieu nyandak kulawarga."
(Pakai mobil saja. Kebetulan ini bawa keluarga)

B: "Siap, abdi siapkeun mobilna heula, nya?"
(Siap, saya siapkan dulu mobilnya, ya?")

...

A: "Dupi ka Lémbang tebih ti dieu?"
(Kalau ke Lembang jauh dari sini?)

B: "Lumayan Pa. Lémbang mah rada ka tonggoh . Ieu masih di Alun-alun."
(Lumayan Pak. Lembang agak ke [daerah] atas. Ini masih di Alun-alun.)
 
A: "Oooh. Pami tiasa engké urang jalan-jalan ka Lémbang ogé."
(Oooh. Kalau bisa nanti kita jalan-jalan ke Lembang juga.)

B: "Tiasa Pa. Ayeuna mah urang kukurilingan heula wé atuh milarian kanggo balanja."
(Bisa Pak. Sekarang kita keliling-keliling saja dulu mencari untuk belanja)
 
A: "Muhun. Kaleresan abdi ogé hoyong balanja sapatu. Di mana nya?"
(Iya. Kebetulan saya juga mau belanja sepatu. Dimana ya?)

B: "Pami balanja sapatu mah di Cibaduyut, Pa."
(Kalau belanja sepatu di Cibaduyut, Pak.)

A: "Hayu atuh engké urang ka ditu. Sakantenan ieu pun bojo hoyong balanja anggoan. Balanja anggoan dimana nya? Nya kaén atanapi baju batik."
(Ayo kita nanti kita ke sana. Sekalian istri saya mau belanja pakaian. Belanja pakaian dimana ya? Ya kain atau baju batik.)

B: "Éta mah biasana aya di Pasar Baru."
(Itu biasanya ada di Pasar Baru.)

A: "Uihna hoyong milari tuangeun. Tiasa di mana nya? Nu caket sareng Pasar Baru wé."
(Pulangnya ingin mencari makanan. Bisa di mana ya? Yang dekat dengan Pasar Baru saja.)

B: "Seueur tempat kulinér di Bandung mah. Rada sontenan wé panginten. Urang milari tuangeun di Jalan Burangrang. Lokasina di palih wétan."
(Banyak tempat kuliner di Bandung. Nanti agak sore mungkin. Kita mencari makanan di Jalan Burangrang. Lokasinya di sebelah timur.)

A: "Seueur nu icalan di Jalan. Burangrang?"
(Banyak yang jualan di Jalan Burangrang?)
B: "Seueur. Bilih sakantenan peryogi oléh-oléh atanapi badé candakkeun ka hotél gé tiasa."
(Banyak. Kalau sekalian membutuhkan oleh-oleh atawu [makanan] buat di bawa ke hotel juga bisa.)

A: "Muhun tah. Kaleresan ieu pun anak hoyong batagor sareng baso tahu."
(Iya. Kebetulan ini anak saya ingin batagor sama baso tahu.)

B: "Aya Pa di Jalan Burangrang. Lengkep katuangeun sanésna gé."
(Ada di Jalan Burangrang. Lengkap makanan lainnya juga.)

A: "Pami cafe atanapi réstoran gé aya nya? Abdi hoyong tempatna nu rada santéy. Teu diburu-buru."
(Kalau cafe atau restoran ada juga ya? Saya ingin tempatnya yang rada santai. Tidak terburu-buru.)

B: "Aya Pa. Tiasa milih cafe atanapi réstoran nu cocok kanggo Bapa ogé kulawarga. Engké ku abdi dibantos milari tempatna.
(Ada Pa. Bisa memilih cafe atau restoran yang cocok untuk Bapak juga keluarga. Nanti sama saya dibantu cari tempatnya.)

-----------

Baca info-info wisatabdg.com lainnya di GOOGLE NEWS