Kosakata Bahasa Sunda yang Berhubungan dengan Tempat





1. Deukeut = dekat

a. Bahasa akrab = Deukeut
Contoh kalimat:
Imah kuring mah deukeut Terminal Leuwipanjang.
(Rumah saya dekat Terminal Leuwipanjang)

b. Bahasa halus untuk diri sendiri = caket
Contoh kalimat:
Rorompok abdi mah caket Terminal Leuwipanjang.
(Rumah saya dekat Terminal Leuwipanjang)

c. Bahasa halus untuk orang lain = caket
Contoh kalimat:
Bumi Pa Dédi saurna mah caket Dago.
(Rumah Pak Dedi katanya dekat Dago.)

2. Hareup = depan

a. Bahasa akrab = hareup
Contoh kalimat:
Engké mun numpak mobil, urang hayang diuk di hareup deukeut supir.
(Nanti kalau naik mobil, saya ingin duduk di depan dekat sopir.)

b. Bahasa halus untuk diri sendiri = payun
Contoh kalimat:
Abdi nuju ngobrol sareng tamu di payun.
(Saya sedang ngobrol dengan tamu di depan.)

c. Bahasa halus untuk orang lain = payun
Contoh kalimat:
Ibu sareng Bapa nuju di payun bumi, nuju nyébor kembang.
(Ibu dan Bapak sedang di depan rumah, sedang menyiram bunga.)

3. Jero = dalam

a. Bahasa akrab = jero
Contoh kalimat:
Tadi duit téh asa disimpen di jero pésak. Tapi naha euweuh, nya?
(Tadi uang perasaan disimpan di dalam saku. Tapi kenapa gak ada, ya?)

b. Bahasa halus untuk diri sendiri = lebet
Contoh kalimat:
Abdi mah titadi teu kamamana, aya di lebet rohangan.
(Saya dari tadi tidak kemana-mana, aya di dalam ruangan.)

c. Bahasa halus untuk orang lain = lebet
Contoh kalimat:
Mang Jéjén teu tiasa lebet kana mobilna, koncina kakantun.
(Mang Jejen tidak bisa masuk mobilnya, kuncinya ketinggalan.)


4. Tukang = belakang

a. Bahasa akrab = tukang
Contoh kalimat:
Tadi nu nangtung tukangeun urang saha, nya?
(Tadi yang berdiri di belakang saya siapa, ya?)

b. Bahasa halus untuk diri sendiri = pengker
Contoh kalimat:
Abdi tadi nyimpen motor di pengkereun bumi.
(Saya tadi menyimpan motor di belakang rumah.)

c. Bahasa halus untuk orang lain = pengker
Contoh kalimat:
Pa Lurah calikna naha di pengker, nya?
(Pak Lurah kenapa duduknya di belakang, ya?)

Kosakata lainnya:

5. Gigireun = di samping

a. Bahasa akrab = gigireun
b. Bahasa halus untuk diri sendiri = gigireun
c. Bahasa halus untuk orang lain = gédéngeun

6. Katuhu = kanan

a. Bahasa akrab = katuhu
b. Bahasa halus untuk diri sendiri = katuhu
c. Bahasa halus untuk orang lain = tengen

7. Kénca = kiri 

a. Bahasa akrab = kénca
b. Bahasa halus untuk diri sendiri = kénca
c. Bahasa halus untuk orang lain = kiwa

8. Palebah = menunjukkan tempat/lokasi   

a. Bahasa akrab = palebah
Contoh kalimat:
Palebah mana tadi tabrakan motor jeung mobil téh?
(Di mana tadi tabrakan motor dan mobil?)
b. Bahasa halus untuk diri sendiri = leresan 
c. Bahasa halus untuk orang lain = leresan

-----------

Baca info-info wisatabdg.com lainnya di GOOGLE NEWS