Kosakata Bahasa Sunda Seputar Makanan Tradisional Beserta Contoh Kalimat




Berikut ini rupa-rupa makanan/camilan Sunda sesuai cara pengolahannya:
■ digoréng: comro, kurupuk, pisang goréng, baso tahu goréng, ranginang, cakuéh, odading, martabak endog.
(digoreng: comro, kerupuk, pisang gorng, baso tahu goréng, ranginang, cakue, odading, martabak telor)

■ disangray: suuk, kopi, surundéng, kurupuk malarat, siki jaat, siki teureup.
(disangrai: kacang tanah, kopi, surundeng, kerupuk melarat, biji kecipir, biji terap.)


■  dibeuleum dina open: bolu, roti, kuéh, roti bakar
(dibakar dalam oven: bolu, roti, kue, roti bakar)

■ dibeuleum langsung dina areng: saté, opak, ulén, jagong beuleum, lelemper, bakakak, beuleum lauk.
(dibakar langsung di atas arang: sate, opak, ketan bakar/ulen, jagung bakar, lemper, bakakak ayam, bakar ikan)

■ diseupan: sampeu, cau, lalab lalaban, sangu, apem, bapaw, lapis, nagasari, baso tahu.
(dikukus: singkong, pisang, lalap lalapan, nasi, apem, bakpaw, laps, nagasari, baso tahu.)

■ dikulub: jagong, hui, kupat.
(direbus: jagung, ubi jalar, ketupat.)

Contoh kalimat bahasa Sunda yang menggunakan istilah makanan tradisional:
1. Naha rujak téh mani lada, padahal céngékna ukur dua.
(Kenapa rujak pedas banget, padahal cabenya cuman dua.)

2. Kudu dina kastrol atuh mun rék nyieun liwet mah, Nyi.
(Harus pakai kastrol kalau mau bikin nasi liwet, Nyi.)

3. Leupeut mah didaharna kudu jeung goréngan atuh.
(Lontong tuh kalau dimakan harusnya sama gorengan.)

4. Ari kasebutna donat mah pasti di tengahna molongo.
(Yang disebut donat tuh pasti di tengahnya bolong.)

5. Cing pangmeulikeun éskrim rasa kadu ka warung.
(Tolong belikan es krim rasa durian ke warung.)

6. Najan teu maké gula, peuyeum téh rasana amis.
(Walau tidak pakai gula, tapai ini rasanya manis.)

7. Isuk-isuk téh manéhna sok sasarap ku sangu goréng.
(Pagi-pagi dia sudah sarapan nasi goreng.)

8. Anu disebut comro téh singgetan tina oncom di jerona.
(Yang disebut comro tuh singkatan dari 'oncom di jero'/oncom di dalam.)

9. Roti tawar mah biasana sok diulasan ku mantéga.
(Roti tawar biasanya dioles sama mentega.)

10. Keur panas poé kieu mah ngeunahna lamun nginum sirop.
(Lagi panas gini tuh enaknya kalau minum sirup.)

* Sumber: Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SD/MI Kelas IV (hlm. 23-24)

----------
Artikel lainnya seputar bahasa Sunda LIHAT DI SINI

-----------

Baca info-info wisatabdg.com lainnya di GOOGLE NEWS