Jawaban Soal Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SMP Kelas VII Halaman 2—5




Jawaban Soal Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SMP Kelas VII


Apakah kamu pernah berdialog dengan orang tua di rumah atau kawan di sekolah? Apa yang kamu dialogkan? Dialog yang dalam bahasa Sunda disebut paguneman, yakni  obrolan atau percakapan yang bertujuan saling memahami dan menerima tema atau persoalan yang diobrolkan. Paguneman itu bukan adu tawar mengenai suatu persoaloan agar ada kesepakatan. Paguneman pun bukan pertentangan antarpihak yang berdialog, misalnya, satu orang mempermasalahkan sesuatu dan orang kedua memberikan pertanggungjawaban. Bahkan, paguneman  bukan adu argumen yang bertujuan menonjolkan satu pendapat dan pendapat lain dikalahkan. Jadi, paguneman itu resmi bisa santai pun bisa.

Ketika ngobrol atau gunem catur, kamu perlu mengatur naik atau turun suara (intonasi), diksi (pilihan kata) agar kawan bicaramu mengerti pesan atau isi percakapanmu, dan etika berdialog. Misalnya, kamu tidak boleh ’menyalip’ obrolan kawanmu sebelum selesai. Selain itu, pakailah bahasa Sunda yang sesuai untuk percakapan, seperti ragam kasar, lemes, dan loma. Basa Sunda kasar biasanya dipakai saat gunem pada diri sendiri. Basa Sunda lemes (halus) digunakan untuk sendiri dan halus untuk orang lain.

Nah, untuk kamu yang sedang belajar paguneman dalam bahasa Sunda, berikut ini jawaban soal latihan Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SMP Kelas VII  Halaman 2—5. 

Maca Jero Haté (Baca dalam Hati)
Hég baca sing gemet! (Bacalah dengan cermat!)

 

Indung jeung Anak
(Ibu dan Anak)

“Mah, aya nu badé ditaroskeun,” ceuk Atia.

“Naroskeun naon? Ké, Mamahna capé kénéh,” jawab indungna. Geus biasa, lamun tas nyanyabaan, Atia mah sok tetelepék ngeunaan naon-naon anu katénjo atawa nu kaalaman, boh di perjalanan boh di tempat nu dituju. Harita ogé kakara jol pisan tas piknik ti Maribaya.

 

“Sok, badé naroskeun naon? Mani bangun daria,” ceuk indungna deui, bari neuteup… bréh budak téh mani ngembang céngék.

“Kieu, Mah…, naon margina ari naék mobil sok istri heula, ari lungsur sok pameget heula. Geuning tadi ogé, basa naék angkot, Bapa mah ti pengker naékna…lungsurna mah ti payun,” pokna.

”Tah, éta téh salasahiji tatakrama dina naék jeung turun tina mobil.”

”Naon ari tatakrama téh, Mah?” Atia nanya deui.

”Tétéh terang! Tata krama téh aturan sopan santun téa, nya?” omong lanceukna, haget mangjawabkeun.

”Leres. Sakumaha ceuk Si Tétéh, tata krama téh mangrupa aturan sopan santun dina hirup kumbuh sapopoé. Tata krama téh jembar pisan. Lain ngan dina naékturun mobil baé, dina nyarita, waktu nyémah, dina maké papakéan, waktu dahar, anggah-ungguh awak, ngaliwat ka hareupeun jalma…,” ceuk indungna, ngécéskeun.

”Dina waktos natamu atawa nyémah kumaha, Mah?”

”Tata krama dina natamu di antarana, ngucapkeun salam, punten, atawa ngetrok panto tilu kali.”

”Ari dina dangdosan?” ceuk Atia, bangun beuki panasaran.

”Sarua, aya tatakramana. Nya di antarana, papakéan anu dipaké ku urang téh kudu diluyukeun kana waktu jeung situasina.”

”Mah, ari hubungan tatakrama sareng atikan moral… kumaha?” lanceukna milu nanya.

”Ari kitu?” malik nanya, giliran indungna ngembang kadu. Dina haté indungna aya rasa reueus duméh si Tétéh, lanceukna Atia nu kakara kelas tujuh SMP ngajukeun pananya anu kaitung alus jeung munel saperti kitu.

”Wiréhna Bapa Guru di sakola kantos nyabit-nyabit sual éta,” jawabna.

”Hubungan tatakrama jeung atikan moral téh pohara raketna. Malah bisa disebutkeun tatakrama téh bagian tina atikan moral! Kapan nu disebut moral téh nyaéta ahlak, ajaran ngeunaan laku lampah hadé jeung goréng,” ceuk indungna, “Tos heula, nya…Mamah badé salat asar heula.”.

Baca dalam Hati

Bacalah dengan cermat!

 Ibu dan Anak

”Mama,  aku mau ngobrolin sesuatu,” kata Atla.

Ngobrolin  apa? Nanti dulu ya Mama masih capek,” jawab mamanya. Setiap ada hal baru yang dialami seperti biasa Atla pasti bertanya kepada mamanya. Kali ini saat dia baru saja pulang piknik di Maribaya.

"Apa yang akan kamu omongin?" kata mama sambil melihat pada Atla.

”Begini, Mam, kenapa kalau naik mobil yang harus  naik duluan itu perempuan, tetapi turunnya belakangan ... tapi tadi Bapa naik duluan dan turun belakangan?”

”Apa yang Bapak lakukan itu merupakan salah satu contoh tata krama dalam berkendara.”

”Jadi, tata krama itu apaan, Mam?”

”Kakak tahu ... tata krama itu sopan santun kan ya, Mam?” ujar kakak menjawab cepat.

”Iya, ... betul kata Kakak. Tata krama itu sopan santun dalam kehidupan sehari-hari. Banyak contoh penting tata krama di sekitar kita sehingga bukan naik turun kendaraan saja, melainkan saat berpakaian, makan, berpapasan dengan orang lain, dan bertamu,” jelas mama.

”Mama, kalau saat bertamu bagaimana?”

”Kita memberikan salam,  permisi, dan kemudian ketuk pintu tiga kali.”

”Kalau saat sedang dandan, Mam?"

”Kita harus berpakaian  sopan sesuai situasi dan kondisi.”

”Mama, tata krama dengan  moral itu berbeda, ya?”

”Iya, Mam, kalau seperti itu bagaimana?" ucap kakak Atia ikut nimbrung. Mama hanya terdiam. Dalam hati,  mama merasa bahwa kakak Atla yang baru kelas VII SMP sudah bisa memahami pertanyaan yang bagus seperti itu.

”Habisnya, Pak Guru sering ngomongin itu terus di sekolah, Mam.”

”Hubungan tata krama dan moral tidak bisa dipisahkan! Bahkan, bisa dikatakan tata krama merupakan sebagian dari moral! Moral itu sama dengan akhlak, yang mengajarkan tingkah laku baik dan buruk,”  kata mama. ”Sudah ya, Mama mau salat Asar dulu.”


Ngajawab pananya (Jawab pertanyaan)

1. Nanyakeun naon Atia ka indungna téh?
(Apakah yang Atia tanyakan kepada mamanya?)
Jawab =  Anu ditanyakeun Atia ka indungna nyaéta tatakrama naek jeung turun tina mobil.
(Yang ditanyakan Atia kepada ibunya, yakni sopan santun naik dan turun dari mobil)
2. Ari nu dipikareueus ku indungna saha?
(Siapakah yang dibanggakan oleh mama?)
Jawab = Anu dipikareues ku indungna nyaéta lanceuk Atia.
(Yang dibanggakan ibu, yakni kakak Atia)
3. Saha waé anu kalibet dina éta paguneman?
(Siapa saja yang terlibat dalam obrolan itu?)
Jawab = Anu kalibet dina éta paguneman nyaéta Atia, lanceukna, jeung indung.
(Orang yang ada dalam percakapan/obrolan, yaitu Atia, kakak Atia, dan ibu)
4. Naon nu jadi téma dina éta paguneman téh?
(Apakah tema obrolan itu?)
Jawab = Anu jadi tema dina paguneman teh ngeunaan tatakrama.
(Tema obrolan tentang sopan santun)
5. Tatakrama téh jembar. Cik terangkeun!
(Tata krama itu banyak, coba jelaskan!)
Jawab =  Tatakrama téh jembar nyaéta tatakrama dina waktu dahar,  naek jeung turun tina mobil,  waktu indit sakola, jeung waktu natamu.
(Contoh sopan santun itu banyak, seperti sopan santun saat makan, naik dan turun dariu kendaraan, saat pergi sekolah, serta saat bertamu)
6. Ari tatakrama dina nyarita kudu kumaha?
(Bagaimana tata krama dalam percakapan?)
Jawab = Tatakrama dina nyarita kudu merhatikeun basa loma jeung hormat.
(Sopan santun dalam percakapan memperhatikan basa akrab dan saling menghormati)
7. Naon sababna tatakrama diperlukeun dina kahirupan?
(Mengapa tata krama diperlukan dalam kehidupan?)
Jawab =  Sabab urang hirup di alam téh kudu maké aturan nyaéta tatakrama dina sagala widang.
(Sebab kita hidup di alam dunia perlu aturan dalam segala kegiatan/bidang)
8. Cik kumaha kira-kirana lamun jalma teu boga tatakrama?
(Bagaimana kira-kira orang yang tidak punya sopan santun?)
Jawab = Jalma anu teu boga tatakrama moal diajenan kubatur.
(Orang tidak punya sopan santun tidak akan dihargai oleh orang lain)
 
 
Nah, kamu yang sedang belajar tentang paguneman dalam buku  Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SMP Kelas VII  Halaman 2—5, mudah-mudahan bisa terus semangat mempelajari bahasa Sunda. Jangan lupa berlatih terus, ya!

 





-----------

Baca info-info wisatabdg.com lainnya di GOOGLE NEWS