Jawaban Soal Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VIII Halaman 5






Muhammad Toha

Getih suci nyiram bumi
Tulang sétra mulang lemah
Babakti sungkem pertiwi
Cikal bugang putra bangsa
 
Nyatana Muhammad Toha
Pahlawan Bandung Selatan
Patriot ti Dayeuh Kolot
Tugu diwangun ngajadi ciri
Tarate nu mangkak ligar di empang
Jadi bukti gugurna pahlawan bangsa 
 
 
Latihan 2
Dina rumpaka kawih Pahlawan Toha, loba kecap-kecap anu carang dipaké dina paguneman sapopoé. Pék téangan hartina dina kamus, sarta larapkeun kana kalimah saperti conto nomer hiji! (Dalam teks lagu  Pahlawan Toha banyak kata yang jarang digunakan dalam percakapan sehari-hari. Cari artinya di kamus dan terapkan pada kalimat seperti contoh nomor satu!)
1. sétra hartina beresih, suci, tempat suci, daérah médan perang
    Larapna dina kalimah: Néng Intan mah keur geulis téh putih ati sétra manah.
    (Penerapan dalam kalimat: Néng Intan sudah cantik baik hati pula)
 
2. lemah hartina taneuh tempat lahir/nagara asal
    Larapna dina kalimah: Sanajan geus lila cicing di Australia, kuring moal poho ka lemah cai.
    (Penerapan dalam kalimat: Meskipun sudah lama tinggal di Australia, saya tidak akan
    melupakan negara asal saya)
 
 3. cikal bugang hartina anu pangheulana gugur di medan perang, loba jasana ka nagara
    Larapna dina kalimah: Para pajuang kamerdekaan téh cikal bugangna bangsa Indonésia.
    (Penerapan dalam kalimat: Para pejuang kemerdekaan sangat besar jasana untuk bangsa   
    Indonesia)
 
4. patriot hartina pahlawan, anu ngabelaan lemah cai
    Larapna dina kalimah: Muhammad Toha ngabogaan sikep patriot.
    (Penerapan dalam kalimat: Muhammad Toha Para pejuang kemerdekaan sangat besar   
     jasana untuk bangsa  Indonesia)
 
5. mangkak hartina kembang keur muka/mekar
    Larapna dina kalimah: Aya kuendah kembang keur mangkak di buruan.
    (Penerapan dalam kalimat: Bunga terlihat indah sedang mekar di halaman)
 
6. ligar hartina kembang anu muka/mekar
    Larapna dina kalimah Malati ligar dina wanci janari.
    (Penerapan dalam kalimat: Bunga melati berguguran saat dini hari)
 
7. émpang hartina balong
    Larapna dina kalimah: Iraha rek nguseup di empang kuring?
    (Penerapan dalam kalimat: Kapan mancing di kolam ikan saya?)

-----------

Baca info-info wisatabdg.com lainnya di GOOGLE NEWS