Jawaban Soal Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SMP Kelas VII Halaman 64—69




 


Maca Dongéng Sunan Gunung Jati
(Baca Dongeng Sunan Gunung Jati)
Pék baca jero haté!
(Yuk, baca dalam hati!)

Sunan Gunung Jati

Saujaring carita, Sunan Gunung Jati kantos bumén-bumén di nagri Cina. Nyebarkeun agama Islam, malah dugi ka muka pasantrén. Sajaba ti ngawulangkeun bagbagan agama Islam, Sunan Gunung Jati ogé kaceluk tiasa nujum, cariosanana saucap nyata, saciduh metu. Tina katiasana, atuh rokaya santri-santrina beuki seueur baé, geus karuhan nu ngadon tataros mah beurang- peuting teu weléh ngabrul.
(Menurut cerita, Sunan Gunung Jati pernah merantau di negeri Cina. Di sana, ia menyebarkan agama Islam dan mendirikan pesantren. Selain mengajarkan agama Islam, ia juga ahli dalam meneropong masa depan dan dapat dibuktikan. Karena keahlian ini, santri Sunan semakin banyak, bahkan banyak juga orang yang sekadar ingin bertanya”) 



Kocapkeun maharaja Cina terangeun yén di nagrina aya waliullah anu nyebarkeun agama Islam. Terangeun ogé kana katiasana, najan dina manahna tetep masih cangcaya. Malah anu dipikapaur mah, pangpangna sieun kaéléhkeun pangaruh. Laju Sang Maharaja téh milari akal pikeun gusir Sunan Gunung Jati maké jalan lemes.
(Diceritakan kaisar Cina tahu bahwa di negaranya ada seorang wali yang menyebarkan agama Islam. Ia pun memahami kekuatannya  meskipun dalam hati ia masih ragu. Bahkan,hal yang ditakutinya adalah kehilangan pengaruh. Lalu,  kaisar mencari cara untuk mengusir Sunan Gunung Jati secara halus.)

Maharaja Cina kagungan putri anu jenenganana Anyontin, kacida geulisna jeung pohara dipikameumeutna. Sang Putri laju disaur ku ramana, dibadantenan bari diharéwosan. Satutasna kitu putri Anyontin mundut didangdosan, nganggo sinjang mangrangkep-rangkep. Ari di jero sinjangna diganjelan ku bokor kuningan anu bunder. Tuluy dibébérés kalawan rapi, nepi ka sabréhan mah siga pisan putri téh keur kakandungan. Maharaja Cina nimbalan nyaur Sunan Gunung Jati di pasantrén kalawan harita kénéh kudu kabawa ngadeuheusan ka karaton.
(Kaisar Cina memiliki seorang putri bernama Anyontin, sangat cantik dan menawan. Sang putri dengan cepat dipanggil oleh ayahnya. Setelah itu, Putri Anyontin minta didandani seperti orang hamil; perutnya diganjal wadah bulat dari kuningan, lalu dilapisi menggunakan kain samping berlapis-lapis sangat rapih. Kaisar mengundang  Sunan Gunung Jati di pesantren agar  datang ke istana.

Kacaturkeun Sunan Gunung Jati parantos sumping ngadeuheus.Maharaja Cina pok nyarios, “Kaula ngahaja ngondang andika. Lain waé lantaran hayang papanggih, kaula téh boga anak awéwé hiji-hijina anu jenenganana Anyontin. Kaula téh hayang nyaho naha ieu anak kaula
téh keur kakandungan atawa heunteu jeung iraha kira-kirana baris ngalahirkeunana. Tapi awas! Lamun engké andika salah, andika baris diusir ti nagri Cina. Kami teu suka ka jelema anu sok ngabobodo nipu ka batur téh! Kitu tah maksud kaula ngondang téh.”
(Diceritakan bahwa Sunan Gunung Jati datang menghadap kaisar. Kaisar berkata, ”Aku sengaja mengundangmu. Selain ingin berjumpa, saya punya anak semata wayang bernama Anyontin. Saya ingin tahu benarkah anak saya sedang hamil atau tidak  dan  kira-kira kapan melahirkan anaknya. Awas! Kalau ramalan itu terbukti meleset, kamu akan saya usir dari Negeri Cina. Saya tidak suka ada orang yang menipu orang lain! Kira-kira begitulah maksud saya mengundangmu ke istana.”)

Sunan Gunung Jati imut, lajeng ngawalon, “Gusti, numutkeun pamendak abdi, putra Kangjeng Gusti téh nuju bobot. Malah ayeuna parantos bulan alaeun, moal lami deui ogé baris babar. Taya sanés mung ku kersaning Gusti Allah Anu Maha Kawasa.” 
(Sunan Gunung Jati tersenyum, lalu menjawab, ”Tuan, menurut saya, putri Tuan benar sedang hamil. Bahkan, tidak lama lama lagi akan melahirkan bayinya. Semua itu terjadi karena takdir dari Tuhan Yang Maha Kuasa.”)
 
Barang nguping cariosan Sunan Gunung Jati kitu, teu kaampeuh Maharaja Cina gumujeng ager-ageran. Anjeunna parantos hasil ngalejokeun Sunan Gunung Jati. Dawuhanana, “ Héh, Sjarif Hidayat! Andika téh palsu ari kitu mah. Pandita hina! Tukang nipu rayat! Geuning ka kami jeung ka Nyi Putri ogé kélu wani ngabobodo. Yeuh, bisi andika teu nyaho, Nyi Putri téh teu kakandungan teu sing, da can nikah-nikah acan. Melendung sotéh pédah baé sampingna diganjelan ku bokor. Ayeuna kénéh andika indit! Indit! Ulah cicing di nagri kami...”
(Ketika mendengar ucapan Sunan Gunung Jati, Kaisar Cina itu tertawa panjang. Dalam benaknya, ia berhasil mengelabui Sunan Gunung Jati. Lalu, berkata, "Hai, Sjarif Hidayat! Ternyata kamu ini penipu. Pemimpin yang rendah! Penipu orang! Berani-beraninya kamu menipu kami juga menipu putriku. Asal kamu tahu ya, putriku tidak hamil karena belum menikah. Terlihat seperti hamil karena perut putriku diganjal wadah bulat! Saat ini juga kamu harus angkat kaki dari negeriku. Pergi! Jangan tinggal di negara kami ....”)

“Nun Gusti Maharaja! Dawuhan Gusti katampi ku asta kalih. Nanging, upami sim abdi parantos mios ti dieu, nembé Gusti baris uninga yén Nyi Putri téh leres bobot...”
("Baiklah, Tuan, saya pergi. Tetapi, kalau saya sudah pergi dari negeri Tuan, Tuan akan tahu bahwa putri Tuan benar-benar hamil!”) 

 ”Montong loba omong tukang tipu! Ayeuna kénéh ...indit!” 
(”Jangan banyak omong, hai, tukang tipu! Sekarang juga, kamu pergi!”)

Sunan Gunung Jati henteu terus mulih ka Cirebon, tapi angkat heula ka Karajaan Baniisrail di Tanah Arab, seja mapagkeun ibuna anu badé dicandak ka Cirebon. Angkatna numpang kana kapal dagang, kaitung lami angkleung-angkleungan di laut. 
(Sunan Gunung Jati tidak kembali ke Cirebon, tetapi terlebih dahulu pergi ke Kerajaan Baniisrail di Tanah Arab untuk menjemput ibunya yang akan dibawa ke Cirebon. Sunan naik kapal dagang dan menghabiskan waktu lama di laut.)

Kacaritakeun di lebet karaton, Maharaja Cina, pohara kagéteunana. Malah nepi ka molotot-molototkeun socana awahing ku hayang yakin. Héran jeung kagét anu pohara duméh putri Anyontin téh enyaan geuning bobotna. Nyi putri nya kitu deui, ceurik lolongséran bari sasambat ka nu janten ibu-ramana.
(Dicaritakeun  di dalam istana, sang Kaisar sangat terkejut. Bahkan, saking terkejutnya dengan apa yang baru saja terjadi pada putrinya, mata Kaisar melotot melihat keadaan perut putrinya yang benar hamil. Begitu pula Putri Anyontin menangis sejadi-jadinya sambil memanggil-manggil kedua orang tuanya.)

”Aduh, Ibu, Ama, ku naon geuning abdi bet kieu? Ku naon atuh geuning abdi téh jadi leres-leres ngandung sakumaha anu disaurkeun ku Sunan Gunung Jati? Ama, kumaha atuh abdi ayeuna? Leuh, isin teuing ku sadayana abdi kakandungan bari jeung teu gaduh salaki... telasan baé, Ama, abdi telasan! Isin teuing, duh, Ama...”
("Oh, Ibu, Ayah, mengapa aku jadi begini? Mengapa aku jadi benar-benar hamil seperti yang dikatakan Sunan Gunung Jati? Ayah, harus bagaimana aku sekarang? Duh, betapa malunya aku hamil tanpa ada suami... lebih baik mati saja aku, Ayah! Aku sangat malu, Ayah ...”) 

Nurutkeun adat Cina harita, kacida goréngna jeung hinana lamun hiji parawan reuneuh teu pupuguh méméh kawin téh. Saumur hirupna baris naggung wiwirang, seug komo ieu ninggang di putri raja pisan. Lain baé wirang, tapi moal boa baris guyur sanagara. Dina kaayaan kitu, kapaksa maharaja nibankeun putusan, yén Anyontin kudu dibuang ka laut sangkan anjeunna teu kawiwirangan. Barang pok maharaja nibankeun putusan, praméswari ngajerit.
(Berdasarkan adat istiadat Tionghoa saat itu,alangkah buruk dan hina jika anak perawan hamil sebelum menikah. Seumur hidup akan menanggung malu, apalagi menimpa pada putri Kaisar. Bahkan, kejadian ini akan membuat seisi negeri geger. Dalam keadaan bingung itu, Kaisar memutuskan bahwa Putri Anyontin harus dibuang ke laut agar dia tidak terbebani rasa malu. Saat Kaisar memutuskan hal itu, permaisuri berteriak.)

“Deudeuh anaking Anyontin, hidep rék dibuang ka laut. Aduh anaking anu teu tuah teu dosa, naha atuh mana goréng teuing milik diri téh. Meureun hidep baris jadi parab lauk engké di laut. Duh! Deudeuh teuing anaking, kakasih aing!”
("Putriku, Anyontin, kamu akan dibuang ke laut. Oh, anakku yang tidak berbuat salah, mengapa nasibmu malang begini? Duh, anakku sayang, kamu akan menjadi santapan ikan di laut.” )

Sabada tarapti, bring arangkat ka basisir. Teu cacaangan da ngarah taya anu nyahoeun. Nepi ka basisir, Anyontin ditaékeun kana parahu anu taya kamudian, taya dayungan. Pék dikedengkeun lalaunan, da Anyontin téh ti barang bral miang ti karaton ogé kapiuhan teu éling-éling. Tuluy parahu téh disurungkeun ku ramana, soloyong ka tengah lautan. 
(Ketika sudah siap semua, rombongan istana berangkat menuju pesisir. Perginya sengaja saat masih gelap agar tidak diketahui banyak orang. Sampai di pesisir, Anyontin dinaikkan ke perahu tanpa kemudi, tanpa dayung. Perlahan-lahan perahu didorong ke tengah laut. Saat masih di istana menuju pesisir, Putri Anyontin dalam kondisi tidak sadarkan diri. Kemudian, Kaisar mendorong lagi perahu itu agar cepat ke tengah lautan.) 

Sakabéh anu nyaksian, careurik, awahing ku sedih, teu téga nénjona.
(Semua yang menyaksikan menangis karena saking sedih dan tidak tega melihatnya.)
 
Kocapkeun, basa kapal nu ditunggangan ku Sunan Gunung Jati balabuh di Cirebon, jrut Sunan Gunung Jati sareng ibuna lungsur. Tuluy arangkat ka basisir, rék ngajugjug Gunung Jati Sembung. Sabot kitu, katingali aya parahu leutik nyoloyong nyampeurkeun, beuki deukeutbeuki deukeut. Reg Sjarif Hidayattulah lirén heula bari nyidik-nyidik parahu anu beuki deukeut téa.
(Diceritakan saat kapal yang ditumpangi Sunan Gunung Jati  tiba di Cirebon, Sunan Gunung Jati dan ibunya turun dari kapal. Kemudian, mereka menuju pesisir hendak ke Gunung Jati Sembung. Tidak lama kemudian, terlihat ada perahu kecil yang mendekat, semakin dekat. Sjarif Hidayattulah menghentikan langkah dan mendekati perahu kecil itu.) 

Kacida kagét jeung héraneunana Sunan Gunung Jati barang ningal nu tumpak parahu, sihoréng putri Anyontin putra Maharaja Cina téa. Sidik katingal yén Nyi Putri nuju kakandungan. Ras baé anjeunna émut kana lalakonna di nagri Cina basa Maharaja Cina nyangka ngabobodo tepi ka ngusirna. Lajeng Nyi Putri téh dihanjatkeun.
(Sunan Gunung Jati sangat kaget ketika melihat orang yang menaiki perahu itu, Putri Anyontin, Putri Kaisar Tiongkok. Terlihat jelas Putri sedang hamil. Sunan ingat apa yang pernah dilakukannya di Tiongkok ketika Kaisar menganggapnya menipu  dan mengusir dari negeri Tiongkok. Kemudian, Putri itu diturunkan dari perahu.)

Ari putri Anyontin ngan bengong baé, lantaran acan jejeg émutanana. Tapi sanggeus rada lila mah émuteun yén jelema anu dipayuneunana téh Sunan Gunung Jati. Buru-buru putri téh sujud sideku ka anjeunna. Pok ampun-ampunan, neda dihapunteun sarta nyuhunkeun tulung sangkan mulang deui ka asal. Nepi ka inghak-inghakan nangis duméh wirang kakandungan kalawan teu kagungan carogé.
(Putri Anyontin hanya bengong karena ingatannya belum pulih. Tidak lama kemudian, Putri baru sadar bahwa orang yang ada di hadapannya itu adalah Sunan Gunung Jati. Sang putri buru-buru membungkuk di hadapan Sunan. Dalam keadaan sedih karena hamil tanpa suami, ia memohon ampun dan meminta tolong kepada Sunan untuk dikembalikan ke Tiongkok.)
 
Kocapkeun, panuhun Putri Anyontin téh dicumponan ku Sunan Gunung Jati harita kénéh. Putri Anyontin diwulang maca sahadat pikeun asup Islam. Sanggeus putri Anyontin ngucapkeun sahadat, ujug-ujug burusut baé bokor jeung sinjang-sinjang nu dipaké ganjel patuanganana téh marurag, arudulan, sarta patuangan putri Anyontin téh lépét deui sabihara-sabihari.
(Singkat cerita, semua permohonan Putri Anyontin itu pun dikabulkan Sunan Gunung Jati. Putri Anyontin diajari membaca syahadat untuk masuk Islam. Setelah putri Anyontin mengucapkan kalimat syahadat, tiba-tiba kain dan wadah kuningan yang dipakai ganjal perutnya terlepas dari balik badan Putri. Keadaan tubuh Putri Anyontin normal seperti sebelumnya.)

Pancén
(Tugas)

Jawab pertanyaan ieu di handap! (Jawab pertanyaan di bawah ini!)
1. Saha Sunan Gunung Jati téh? (Siapakah Sunan Gunung Jati itu?)
(Sunan Gunung Jati nyaéta wali Allah, anu nyebarkeun Islam ka Tiongkok, ngadegkeun pesantrén, sarta boga cara khotbah anu alus sangkan beuki loba anu nuturkeunana/Sunan Gunung Jati adalah wali Allah yang mensyiarkan Islam ke Tiongkok, mendirikan pesantren, dan khotbahnya sangat bagus sehingga banyak pengikutunya.)

2. Ngadon naon ayana di nagri Cina? (Apa yang dikerjakan Sunan  Gunung Jati di Negeri Tiongkok?
(Sunan Gunung Jati ngadon nyebarkeun agama Islam ka nagri Tiongkok sarta dugi ka muka pasantren pikeun ngawulang ajaran Islam/Sunan Gunung Jati menyebarkan Islam dan mendirikan pesantren untuk mengajarkan Islam.)

3. Naon katiasana? (Apa keahlian Sunan Gunung Jati?)
(Sunan Gunung Jati dipercaya bisa ngawujudkeun hiji kajadian aheng, saperti putri Kaisar Tiongkok anu pura-pura kakandungan. Sanggeus Sunan Gunung Jati ninggalkeun istana, putri éta bener-bener ngandung tanpa salaki. Sunan Gunung Jati téh kaceluk tiasa nujum cariosanana saucap nyata saciduh metu. Sunan Gunung Jati dipercaya mampu mewujudkan ucapan yang menurut akal biasa sangat tidak mungkin, seperti kejadian saat putri pura-pura hamil, ternyata benar hamil. Ucapan dan ramalan Sunan Gunung Jati bisa dibuktikan.)

4. Naon maksudna maharaja Cina nyaur Sunan Gunung Jati? (Apakah maksud Kaisar Tiongkok memanggil Sunan Gunung Jati? 
(Pikeun naroskeun ka Sunan Gunung Jati ngeunaan leres-henteuna  putri Kaisar bobot sareng iraha badé ngalahirkeunana/Kaisar ingin bertanya kepada Sunan Gunung Jati mengenai benar-tidaknya putri hamil dan kapan melahirkan bayinya.)

5. Kunaon Sunan Gunung Jati diusir ti nagri Cina? (Mengapa Sunan Gunung Jati diusir dari Negeri Cina? 
(Sabab Sunan Gunung Jati disangka ngabohong ngeunaan putri anu keur kakandungan.)

6. Sabada ngantunkeun nagri Cina, kumaha kaayaanana di karaton téh? (Setelah meninggalkan Negeri Tiongkok, bagaimana keadaan di istana itu?
(Kaayaan di karaton geunjleung sabab putri bener-bener ngandung tanpa salaki sareng janten aib pikeun kulawarga istana/ Keadaan di keraton geger sebab putri benar-benar hamil tanpa suami dan kejadian ini akan sangat memalukan keluarga istana.)

7. Naon alesanana Anyontin ku ramana dibuang ka laut? (Apakah alasan Anyontin dibuang ke laut oleh ayahnya?)
(Sabab dianggap ngacemarkeun ngaran alus kulawarga istana jeung rahayat anu dipimpinan bakal guyur yen Anyontin bobot di luar nikah/Sebab dianggap mencemarkan nama baik keluarga istana dan rakyat yang dipimpin Kaisar akan geger akibat berita kehamilan putri yang tanpa suami.)

8. Naon anu matak jadi kagét Sunan Gunung Jati waktos di basisir? (Apa yang menyebabkan Sunan Gunung Jati kaget saat di pesisir?
(Sunan Gunung Jati kaget lantaran manggihan parahu anu eusina Putri Anyontin/Sunan Gunung Jati kaget lantaran menemukan perahu yang ditumpangi Putri Anyontin.)

9. Dipiwarang naon putri Anyontin ku Sunan Gunung Jati téh? (Disuruh apakah putri Anyontin oleh Sunan Gunung Jati?)
(Putri Anyontin sujud menta hampura ka Sunan Gunung Jati kana naon anu geus dilakukeun ku bapana, lajeng Sunan Gunung Jati ngajarkeun kalimah syahadat, tuluy barang-barang ragrag tina beuteung putri sarta beuteungna normal deui/Putri Anyontin bersujud di hadapan Sunan Gunung Jati sambil meminta maaf atas segala kesalahan yang dilakukan ayahya, lalu diajarkan membaca kalimat syahadat, kemudian kain dan benda yang mengganjal perutnya berjatuhan sehingga keadaan perut putri kembali seperti sedia kala.)

10. Cik nurutkeun hidep, dongéng nu dibaca bieu téh enyaenya kajadianana atawa ngan hasil rékaan wungkul? Béré alesanana! (Menurut kamu, apakah dongeng yang baru saja dibaca itu kejadian sebenarnya atau hasil rekaan saja? Berilah alasan pada jawabanmu!)
(Bawiraos, dongéng anu dibaca téh mangrupa hasil rekaan wungkul. Sababaraha jalan carita loba nu pamolahan, umpamana Putri Anyontin nu ujug-ujug kakandungan atawa Putri Anyontin ujug-ujug aya di basisir Cirebon, padahal dipalidkeunna teh di Tiongkok. Sanaos kitu, dongéng miboga pesan moral keur pienteungeun dina kahirupan sabenerna./Menurut saya, dongeng yang baru dibaca itu merupakan hasil rekaan saja. Beberapa jalan cerita banyak yang tidak masuk akal, seperti Putri Anyontin yang tiba-tiba hamil atau peristiwa Putri Anyontin yang tiba-tiba beradadi laut Cirebon, padahal perahunya dilabuhkan di Tiongkok, tanpa kendali dan tanpa dayung. Walaupun demikian, dongeng juga ada manfaatnya karena memiliki pesan moral yang patut diteladani.)

Semoga bermanfaat.


-----------

Baca info-info wisatabdg.com lainnya di GOOGLE NEWS