Mengenal Kosakata Bahasa Sunda Seputar Lingkungan Tempat Tinggal




Sekarang, kita akan belajar mengenal kosakata bahasa Sunda seputar lingkungan tempat tinggal. Perhatikan contoh kalimat bahasa Sunda berikut.

1. Teu lega, tapi mani resik, sabab hadé piara.
(Tidak luas, tapi terlihat resik, sebab rutin dibersihkan.)
resik = tempat anu beresih tur endah
(resik = tempat yang bersih dan indah)


2. Kalakay anu marurag sok gancang disapukeun.
(Daun yang sudah kering suka cepat disapu.)
kalakay = daun nu geus garing
(kalakay = daun yang sudah kering)

3. Engkéna bisa dijieun kompos, alus pisan keur ngagemuk pepelakan.
(Nantinya bisa dibuat kompos, sangat bagus buat memupuk tanaman.)
kompos = gemuk (basa Indonésiana pupuk) anu dijieun tina runtah dangdaunan
(kompos = pupuk yang dibuat dari sampah dedaunan.)

4. Lamun keur usum kembangan téh matak nambahan hégar.
(Kalau musim berbunga akan tambah bikin nyaman.)
hégar = tempat anu pikabetaheun
(hegar = tempat yang bikin nyaman.)

5. Tatangkalan anu aya di dinya sok digemuk, ngarah morontod.
(Pepohonan yang ada suka dikasih pupuk, supaya cepat besar.)
morontod = gancang gedé
(morontod = cepat besar)

6. Teu kaop diantep, tatangkalan téh gancang pisan rigil.
(Kalau dibiarkan, pepohonan daunnya cepat habis.)
rigil = béak daunna
(rigil = habis daunnya)

7. Éta omongan remen kadéngé.
(Omongan itu sering terdengar.)
remen = mindeng
(remen = sering)

8. Atuh barudak gé sok ngagugu.
(Juga anak-anak sudak menurut.)
ngagugu = nurut
(ngagugu = menuruti)

9. Tara aya nu mungpang kana panyaram kolotna.
(Tidak ada yang melawan pada larangan orang tuanya.)
mungpang = baha atawa ngalawan
(mungpang = melawan)

10. Jeung barina ogé naon resepna ulin di hulu cai, da tempatna nyingkur.
(Dan juga kenapa sukanya main di hulu air, kan tempatnya jauh dan sepi.)
nyingkur = tempat anu jauh jeung tiiseun
(nyingkur = tempat yang jauh dan sepi.)

11. Anu disebut hulu cai téh ayana tonggoheun perumahan.
(Yang disebut hulu air lokasinya di atas perumahan.)
tonggoheun = tempat nu leuwih luhur
(tonggoheun = tempat yang lebih tinggi/atas)

12. Dipaké mandi, nyeuseuhan, gégéroh, ngumbah motor, jeung lian ti éta.
(Dipakai mandi, mencuci baju, mencuci perabotan, cuci motor, dan lainnya.)
gégéroh = ngumbah wadah
(gegeroh = mencuci perabotan)

---------------
Pék ku hidep pilih jawaban anu merenah, terus eusikeun kana kalimahna.
(Silakan kalian pilih jawaban yang benar, terus isi dalam kalimat.)

1. Sanggeus dikosokan mah kamar mandi teh jadi _________.
(Sesudah digosok kamar mandi jadi bersih.)
(a. resik b. beresih c. lening)

2. Matak betah mun ulin ka tempat wisata anu _________ téh.
(Bikin nyaman kalau main ke tempat wisata yang resik.)
(a. resik b. beresih c. lening)

3. Buruan téh mani ___________ taya runtah salambar-lambar acan.
(Halaman rumah sangat bersih tidak ada sampah satu pun.)
(a. resik b. beresih c. lening)

4. Mani seungit timbel sangu beureum nu dibungkus ku________ cau.
(Wangi benar nasi timbel nasi merah  yang dibungkus sama daun pisang.)
(a. pucuk b. kalakay c. daun)

5. Asép Ruhimat nyoélkeun seupan ________ waluh kana sambel tarasi.
(Asep Ruhimat mencocol kukus pucuk waluh ke sambal terasi.)
(a. pucuk b. kalakay c. daun)

6. Mun sapukeun _________ anu ngabarak di buruan téh, Kang Hadi.
(Coba sapu dong daun kering yang berserakan di halaman tuh, Kang Hadi.)
(a. pucuk b. kalakay c. daun)

7. Tangkal paré téh mani __________, sabab remen digemuk.
(Tanaman padi terlihat cepat besar, sebab rutin dikasih pupuk.)
(a.morontod b. meral c. beukah)

8. Sanggeus digoréng mah kurupuk udang téh jadi ________sagedé pisin.
(Setelah digoreng kerupuk udang jadi merekah sebesar pisin [tatakan gelas])
(a.morontod b. meral c. beukah)

9. Mending ku karét nalian kardus kana bahasi téh ngarah bisa_________.
(Lebih baik talinya pakai karet kardus ke bagasi biar bisa memanjang/elastis.) 
(a.morontod b. meral c. beukah)

10. Horéam ulinna ogé ka tempat anu _________ mah, jaba sieun deuih.
(Malas kalau main ke tempat tersembunyi, juga bikin takut.)
(a. nenggang b. nyingkur c. jauh)

11. Nya ________ nyaba ka Surabaya mah, di jalanna ogé welasan jam.
(Selain jauh berangkat ke Surabaya. di jalannya juga belasan jam.) 
(a. nenggang b. nyingkur c. jauh)

12. Di tengah pasawahan aya saung _______ tempat patani reureuh.
(Di tengah persawahan ada saung/dangau yang berdiri sendiri/jauh tempat petani istirahat.) 
(a. nenggang b. nyingkur c. jauh)

13. Kadé poho, ________ téh kudu sapoe dua kali, ngarah badan séhat.
(Awas lupa, mandi tuh harus sehari dua kali, biar badan sehat.)
(a. gégéroh c. kumbah c. mandi)

14. Mani lila _______ téh, da wadah anu kotorna loba, urut nyuguhan sémah.
(Lama banget mencuci perabotan, banyak wadah yang kotor, bekas menjamu tamu.)
(a. gégéroh c. kumbah c. mandi)

15. Padahal mah _______ sapatu téh, apan poé Senén rék dipaké deui sakola.
(Padahal mah, cuci sepatu tu, kan hari Senin mau dipakai lagi sekolah.)
(a. gégéroh c. kumbah c. mandi)

Sumber: Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SD/MI Kelas III

----------
Artikel lainnya seputar bahasa Sunda LIHAT DI SINI

-----------

Baca info-info wisatabdg.com lainnya di GOOGLE NEWS