Jawaban Soal Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SD-MI Kelas II Halaman 28




Pilih jawaban ku kecap nu aya gigireunana.
(Pilih jawaban berdasarkan kata yang ada di pinggir.)

1. Jéngkol sapérékét.
(Jengkol sapereket)

2. Peuteuy sapapan.
(Petai sapapan/sebaris)


3. Kalapa samanggar.
(Kelapa samanggar)

4. Awi saleunjeur.
(Bambu saleunjeur/sebatang)

5. Tanah sahéktar.
(Tanah sehektar)

Pék sebutan naon ngaranna.
(Silakan sebutkan apa namanya)

6. Buah nu carucukan tur seungit disebut kadu.
(Buah yang berduri dan wangi disebut durian.)

7. Buah nu ngagonyok loba cucukan disebut salak.
(Buah yang berkumpul dan ada durinya disebut salak)

8. Buah nu bareureum loba buluan disebut rambutan.
(Buah yang merah dan banyak bulunya disebut rambutan.)

9. Buah nu semu amis jeung haseum disebut jeruk.
(Buah yang agak manis dan masam disebut jeruk.)

10. Buah nu buleud kulitna semu konéng disebut mélon.
(Buah yang bulat kulitnya agak kuning disebut melon.)

Sumber: Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SD/MI Kelas II hlm. 28

---------------------

Sebutan lainnya:
Awi : saleunjeur (satangkal)
Awi : sadapur
Awi : Saruas
Bangsal : sacangi (sasiki)
Bawang : sasihung (sasiki)
Beas : sacanggeum (sakeupeulan leungeun)
Cau : sasikat
Cau : saturuy (sababaraha sikat)
Daun :saponggol (sagagang daun)
Daun : sakompet (sababaraha ponggol)
Eurih : sajalon
Gula Kawung : sabebek (sabeulah, nurutkeun citakan batok sabeulah)
Gula Kawung : sagandu (2 bebek)
Jahe : sarempang
Jambe : samanggar
Kalapa : sahulu
Kalapa : samanggar
Koneng : sasolor
Manjah : sadapur, saluwuk
Muncang : sadampa
Nangka : sacamplung (sasiki)
Papan : salambar
Pare : saranggeuy
Peuteuy : sapapan
Peuteuy : sahanggor (saranggeuy, sababaraha papan)
Peuteuy : saempong (sababaraha hanggor)
Salak : samanggar

-----------

Baca info-info wisatabdg.com lainnya di GOOGLE NEWS